Tarjamahan Tina IG Bu Atalia
Gerentes Ngangres
Riil,
Mamah Uih heula ka Indonesia, nyaaa?
Mamah tos nitipkeun hidep, ka pangraksa kalih panyalindungan ti nu kagungan hidep anu saestuna: Allah Swt, di mana bae hidep kiwari ngancik.
Insya Allah, hidep moal katirisan, kalaparan, atanapi kakirangan naon bae oge. Malah, hidep baris nampi mangpirang-pirang katresnan tur kabagjan nu taya kendatna.
Di dieu, walungan Aare nu sakieu endahna, tur asri taya papadana, Mamah paturay heula sareng hidep. Urang tangtos patepang deui enjing atanapi jaga.
Sapertos nu didugikeun ku Pa Walikota: The city of Bern will forever be deeply connected to us..."
Pidu'a nu pangsaena kangge hidep dina saban renghap Mamah.***